Selasa, 19 Mei 2009

Kalimah Salancar

Kalimah Salancar
Kalimah salancar diwangun ku hiji jejer (J) jeung hiji caritaan (C).

Upama kalimah salancar diwuwuhan ku katerangan, hiji atawa leuwih (K+), ieu kaasup kana Kalimah Salancar Jembar.
Upama jejer atawa caritaan wungkul, atawa diwuwuhan ku obyék, hiji atawa leuwih, ieu kaasup kana Kalimah Salancar Basajan

Dina kalimah salancar jembar, rupa-rupa katerangan anu bisa diwuwuhkeun bisa dipasing jadi sababaraha rupa, nyaéta

katerangan waktu, maké kecap-kecap panuduh waktu saperti kamari, ayeuna, isuk, wanci, jam, jsb.
katerangan tempat:
maké kecap-kecap pangantét: ti, di, ka, nepi ka, dina.
maké kecap-kecap rundayan rarangkén tukang -eun: hareupeun, wétaneun, katuhueun, jsb.
katerangan tujuan, maké kecap-kecap pangantét: pikeun, demi, enggoning.
katerangan alat, maké kecap-kecap pangantét anu hartina maké: ku, kana.
katerangan sabab, maké kecap-kecap pangantét: sabab, lantaran
katerangan babandingan, maké kecap-kecap pangantét: jiga, kawas, saperti, cara
katerangan panyarta, maké kecap-kecap jeung, babarengan jeung, dituturkeun ku barang anu boga nyawa atawa dianggap boga nyawa.

Kalimah Ngantét
Kalimah ngantét (id:kalimat majemuk) diwangun ku dua kalimah atawa leuwih anu dikantétkeun atawa diréndonkeun. Dumasar kana susunanana, aya dua rupa kalimah ngantét:

Kalimah ngantét satata, nyaéta upama kalimah-kalimah panyusunna satata atawa sadarajat.
Kalimah ngantét séler-suméler, nyaéta upama aya kalimah luluguna jeung aya kalimah sélérna
conto:Kuring dahar sangu jeung tahu.
Kuring dahar sangu.
Kuring dahar tahu.
Dina kalimah ngantét sélér-sumélér, kalimah lulugu nyaéta anu ngabogaan pola samodél kalimah salancar. Sedengkeun kalimah sélérna ngabogaan fungsi pikeun ngajembaran salah sahiji élémén kalimah lulugu, bisa dina jejerna, obyekna, atawa kateranganana.
Contona:
(A) Awéwé téh maké baju batik.
(B) Awéwé téh geulis kacida.


Fungsi Kalimah
Kalimah Wawaran
Dina conto-conto kalimah salancar jeung kalimah ngantét saacanna, kabéhanana mangrupa kalimah wawaran, nyaéta kalimah anu ngawawarkeun atawa méré nyaho ka batur ngeunaan hiji kajadian atawa kalakuan

Kalimah Pananya
Kalimah pananya nyaéta kalimah anu ngabogaan fungsi pikeun nanyakeun hiji hal, bisa mangrupa jalma, kajadian, kalakuan, sabab, jsb.

Pikeun ngawangun kalimah pananya, aya sababaraha cara:
conto:

Pananya jalma:
Saha présiden di Indonesia baheula téh?
Présiden di Indonesia baheula téh saha?
Pananya waktu:
Iraha Habibie téh présiden di Indonesia?
Habibie téh présiden di Indonesia iraha?
Pananya tempat:
Di mana Habibie téh présiden?
Habibie téh présiden di mana?