Selasa, 19 Mei 2009

Kalimah Salancar

Kalimah Salancar
Kalimah salancar diwangun ku hiji jejer (J) jeung hiji caritaan (C).

Upama kalimah salancar diwuwuhan ku katerangan, hiji atawa leuwih (K+), ieu kaasup kana Kalimah Salancar Jembar.
Upama jejer atawa caritaan wungkul, atawa diwuwuhan ku obyék, hiji atawa leuwih, ieu kaasup kana Kalimah Salancar Basajan

Dina kalimah salancar jembar, rupa-rupa katerangan anu bisa diwuwuhkeun bisa dipasing jadi sababaraha rupa, nyaéta

katerangan waktu, maké kecap-kecap panuduh waktu saperti kamari, ayeuna, isuk, wanci, jam, jsb.
katerangan tempat:
maké kecap-kecap pangantét: ti, di, ka, nepi ka, dina.
maké kecap-kecap rundayan rarangkén tukang -eun: hareupeun, wétaneun, katuhueun, jsb.
katerangan tujuan, maké kecap-kecap pangantét: pikeun, demi, enggoning.
katerangan alat, maké kecap-kecap pangantét anu hartina maké: ku, kana.
katerangan sabab, maké kecap-kecap pangantét: sabab, lantaran
katerangan babandingan, maké kecap-kecap pangantét: jiga, kawas, saperti, cara
katerangan panyarta, maké kecap-kecap jeung, babarengan jeung, dituturkeun ku barang anu boga nyawa atawa dianggap boga nyawa.

Kalimah Ngantét
Kalimah ngantét (id:kalimat majemuk) diwangun ku dua kalimah atawa leuwih anu dikantétkeun atawa diréndonkeun. Dumasar kana susunanana, aya dua rupa kalimah ngantét:

Kalimah ngantét satata, nyaéta upama kalimah-kalimah panyusunna satata atawa sadarajat.
Kalimah ngantét séler-suméler, nyaéta upama aya kalimah luluguna jeung aya kalimah sélérna
conto:Kuring dahar sangu jeung tahu.
Kuring dahar sangu.
Kuring dahar tahu.
Dina kalimah ngantét sélér-sumélér, kalimah lulugu nyaéta anu ngabogaan pola samodél kalimah salancar. Sedengkeun kalimah sélérna ngabogaan fungsi pikeun ngajembaran salah sahiji élémén kalimah lulugu, bisa dina jejerna, obyekna, atawa kateranganana.
Contona:
(A) Awéwé téh maké baju batik.
(B) Awéwé téh geulis kacida.


Fungsi Kalimah
Kalimah Wawaran
Dina conto-conto kalimah salancar jeung kalimah ngantét saacanna, kabéhanana mangrupa kalimah wawaran, nyaéta kalimah anu ngawawarkeun atawa méré nyaho ka batur ngeunaan hiji kajadian atawa kalakuan

Kalimah Pananya
Kalimah pananya nyaéta kalimah anu ngabogaan fungsi pikeun nanyakeun hiji hal, bisa mangrupa jalma, kajadian, kalakuan, sabab, jsb.

Pikeun ngawangun kalimah pananya, aya sababaraha cara:
conto:

Pananya jalma:
Saha présiden di Indonesia baheula téh?
Présiden di Indonesia baheula téh saha?
Pananya waktu:
Iraha Habibie téh présiden di Indonesia?
Habibie téh présiden di Indonesia iraha?
Pananya tempat:
Di mana Habibie téh présiden?
Habibie téh présiden di mana?

SOAL KELAS VIII SEMESTER I

SOAL KELAS VIII SEMESTER I

  1. Guguritan dangdanggula Laut kidul Dikarang ku……….
    1. Asmarandana b. Kalipah Apo c. WS. Rendra d. Tatang Sumarsono
  2. Kawih mangrupa karya seni anu wirahmana …………
    1. Sekar tandak b. Sekar irama merdeka c. sekar ligar. d. sekar mayang
  1. Tembang mangrupa karya senim anu wirahmana……….
    1. Sekar tandak b. Sekar irama merdeka c. sekar ligar. d. sekar mayang
  2. Lagu-lagu kawih disebut oge………
    1. Ekalokasi b. Ekaswara c. ekarama d. anekaswara
  3. Lagu-lagu tembang sok disebut oge…..
    1. Ekalokasi b. Ekaswara c. ekarama d. anekaswara
  4. Kuringmah indit ………….jakarta the ……kareta api
    1. Ka,dina b. ka,kana c. di,kanu d. anekaswara
  5. saha anu nenden buku ………..bantal tej?
    1. kana b. Kanu c. din ad. Tina
  6. ……….Malangbong…….. Garutteh kira-kira dua jam.
    1. ti,di b. ti,ti c. ti,ka d. tina
  7. ………Kuring indit manehna datang !
    1. ti b. basa c. did . ka
  8. sabada beres ulangan ,kuring………kulawarga dipoto ……..mobil.
    1. jeung,kana b. tina,dina c. jeung,dina d. Dina,kana
  9. Kecap rajekan anu dirajek engang mimiti bari dirarangkenan …….
    1. tutulung b. tutulungan c. tulungan d. tulung
  10. Kecap rajekan anu dirajek engang mimiti bari dirarangkenan …….
    1. momobil b. momobilan c. mobilan d. mobil.
  11. Conto kalimah salancar inti ,nyaeta……
    1. Rere gering b. Rere gering panas c. Rere gegeringan d. Gering panas Rere
  12. Conto kalimah salancar jembar ,nyaeta ……..
    1. Rere gering b. Rere gering panas c. Rere gegeringan d. Gering panas Rere
  13. Kuring gering panas tiris ,cing naon nu jasi caritaan……….
    1. Kuring b. gering c. tiris d, panas
  14. Tadina kagiatan nyawer the sok dipatalikeun kapercayaan ,ari ayeuna………
    1. hiburan b. kawihan c. paptah,pepeling ,ngadu,a d. ngurkeu beas
  15. Nu ngabogaan fungsi pikeun mantuan ngamekarkeun gagsan dina kalimah nyaeta..
    1. tulisan b. bacaan c. aksara d. rangka kalimah
  16. Keucap paprikan asalna ngandung harti deukeut ……..

a. marik b. parek c. papr. d. parikan

19. Jumlah engang dina paprikan dipatok aya…….

a. dalapan engan b. tujuh engang c. genep engang d. opat engang

20. Conto kalmia salancar ,nyaeta……….

a. Adi kuring ceurik b. adi kuring c. adi kuring ceurik minggu kamari d. Ceurik

21. Conto kalimah salancar jembar ,nyaeta…..

. Adi kuring ceurik b. adi kuring c. adi kuring ceurik minggu kamari d. Ceurik

22. ‘’Mang ubuy benghar’’

‘’Mang Ubuy jelema aya’’

Kalimah diluhur ragam keterangana beda tapi hartina sarua disebut….

a. hiponim b. anonym c. sinonim d. akronim

23. Cingn pek naon bedana kalimah dina jero kurung.

Amanda kaasup jelema (pinter)

a. Tanginas b. bodo c. getol d. ngedul

24. Ari sinonimna kalimah dina jero kurung ,

Ari jadi budak tong sok (Harak) kabatur,nyaeta………

a. Jail b. weles c. laun d. boyot

25. Cing pek naon bedana kalimah dna jero kurung,

‘’Motorteh majuna (gancang) pisan ,nyaeta:

a. Ngebut b. mangpret c. laun d. boyot

Jumat, 13 Maret 2009

PERINGKAT SMESTER I TH. 2008/2009

PERINGAKT KLS VII-E
PERINGAKT KLS VII-F






1 940 Nenden 1 966 Samsu
2 909 Nenah 2 903 YULIANA
3 908 Fitriani 3 890 Sopariah

PERINGAKT KLS VIII-E

PERINGAKT KLS VIII-F







1 909.3 Dede Sunjaya
1 910.9 Yusuf Ridwan Z.
2 891 Ema Permatasari
2 882.3 Rita Sugiarto
3 876.7 Dewi Endah
3 878.1 Utin